Pedaran Kuda Renggong
Conto Pedaran
Kuda rénggong atawa kuda dépok nyaéta salah sahiji jenis kasenian helaran anu aya imyKabupatén Sumedang, Majalengka sarta Karawang. Kadudukan ti seni pintonan kuda renggong nyaeta kanggo ngiringkeun budak sunat, hiburan, sarta penyambutan pajabat wewengkon satempat.
Kuda renggong teh mimiti muncul di desa cikurubuk, kecamatan Buah Dua, Kabupaten Sumedang . Renggong sorangan teh di adaptasi ti kata ronggeng nu hartosna kamonesan. Awal caritana teh aya budak lalaki nu ngarana sipan. Sipan teh resep ningali gerakan kuda kumargi bisa nurut ka parentah manusa. Sipan rajin miara jeung ngamatan kudana jadi di gerakan sederhana kaciptakeun kasenian kuda renggong.
Cara midangkeunana nyaéta, hiji kuda atawa leuwih dihias warna-warni, budak sunat ditaékkeun ka luhur tonggong kuda, budak sunat dihias kawas Raja atawa Satria, bisa ogé nurun pakéan para Dalem baheula, maké bendo, takwa jeung maké lawon sarta selop.
Di hareupeun rombongan Kuda Renggong aya saurang Pelatuk, nyaéta salah saurang pamaén Kuda Renggong, anu matak minangka panunjuk jalan sarta pupuhu koordinator iring-iringan kasebut.
Tatabeuhanana mangrupa kendang badag, goong, tarompet, genjring atawa terbang gedé atawa dulag, malahan sok dibarengan ku sinden sarta nu ngaribing, lalaki jeung awéwé. Arak-arakan biasana leumpang nurutkeun arah anu geus ditangtukeun saméméhna.
Kuda Renggong dimidangkeu kawas nu ngibing, alatan geus kalatih sarta biasa ngadéngé tatabeuhan. Gerakanana sawirahma jeung sora anu dimaénkeun. Lamun wirahmana laun, Kuda Renggong baris ngagerakeun awakna kalawan laun ogé, kitu ogé lamun wirahmana gancang Kuda Renggong baris ngagerakeun awakna kalawan gancang ogé
Gerakanana sajaba gerakan suku kuda anu ejrag-ejragan, hulu kuda ogé milu ungut-unggutan. Di hareupeun atawa di sisieun Kuda Renggong aya sawatara urang nu ngibing, boh ti rombongan Kuda Renggongna sorangan boh ti para panongton atawa baraya anu boga hajatan. Maranéhanana galumbira milu joged atawa ngibing sabisa-bisa, sarta hal ieu pisan anu nambahan ramena pintonan Kuda Renggong.
Cenah miara kuda pikeun Kuda Renggong pohara diutamakeunnana. Sajaba dibéré baranghakan jukut, ongok ogé dibéré madu, susu, sarta endog. Surai-na ogé dipulasara sahadé-hadéna, diuntun maké pita sarta dipasangan perhiasan anu cerah kalawan warna-warni anu éndah.
Kuda Renggong salain keur budak sunatan sarta penyambutan pajabat wewengkon satempat ge bisa dipake atraksi. Biasana kuda teh dilatih nepi ka aya nu bisa luncat jangkung, tatih jeung sajabana. Atraksi ieu sok ditampilkeun lamun aya acara raramean atawa di ayakeun lomba kuda renggong.
Lomba na teh biasana lamun teu atraksi pa alus - alus ngadandanan kuda, engke kudana hiji-hiji di bawa ka tanah lapang terus di jejerkeun, lamun nu atraksi ma engke di pasihan waktos keur nunjukeun atraksi ka sadayana. Nu menteun na teh biasana ti sesepuh nu miara kuda renggong oge atawa jalmi nu ngarti kana budaya kuda renggong ieu.
Salain atraksi kuda renggong oge bisa dipake balap. Balap kuda renggong teh aya di taun 2019 tanggal 24 februari di Sumedang. Di Sumedang oge aya patung kuda nu nyimbolkeun daerah samoja. Pokona kuda renggong ieu teh sagala bisa matakna di daerah Sumedang ampir di tiap desa boga kalompok kasenian kuda renggong sorangan.
Kuda renggong kagungan makna nyaeta makna spiritual sumanget pas ngalaksanakeun rangkean upacara, makna interaksi kasadiaan palatih atawa pamilik kuda keur ngarawat sarta mere dahar teu sembarangan nu terakhir makna teatrikal maksadna kuda renggong na wibawa tur endah , sabab teu sadaya kuda bisa ngalakukeun atraksi.
Comments
Post a Comment