Carita Wayang

 Carita Wayang

Srikandi mangrupa salah sahiji tokoh pawayangan di carita mahabarata. Srikandi di caritakeun gaduh pamenteu nu geulis , aya dua versi carita Srikandi nyaeta versi pawayangan jawa sareng versi india. Nu kahiji abdi bade nyaritakeun carita Srikandi anu versi pawayangan jawa. 

Dicaritakeun Srikandi teh putri ti Prabu Drupada raja karajaan Cempalareja sareng permaisurina nyaeta Dewi Gandawati. Prabu Drupada sareng Dewi Gandawti hoyong gaduh putra nu lahirna normal sabab pun raka ti Dewi Srikandi teh lahir ti puja semedi. Dewi Drupadi rakana Sri Kandi nu ka hiji lahir ti pamujaan seneu, lamun Drestadyumna raka Sri Kandi nu kadua lahir ti haseup pamujaan . 

Srikandi gaduh ciri khasna sorangan, Dewi Srikandi gaduh panon nu belo, gaduh pamenteu nu dangah, irung mancung , suanten nu ngadencing nu nandakeun yen Dewi Sri Kandi teh putri raja, di sanggul gede, make jamang nu bentukna Garuda ngadep ka tukang . Make kalung bulan sabit , sapalih ramut anjeunna di gerai apik. 

Dewi Srikandi gaduh kareseup di kaprajuritan widang manah . Anjeunna teh diajar manah ku Arjuna salah sahiji tokoh pandawa di carita mahabarata nu reseup jeung jago pisan manah. Mimitina Dewi Srikandi teh ngadatangan Rarasati sabab Rarasati teh pernah diajar ku Raden Arjuna. Tapi akhirna mah Raden Arjuna nu  ngajarkeun kumaha carana manah ka Dewi Srikandi. Sabab ku seringna katimu anjeunna duaan teh jadi caket sareng resep hiji sami sanes.  

Dewi Srikandi kantos di lamar ku saurang raja ti karajaan parangkubarja , nami na Prabu Jungkungmardea. Nanging sabab anjeunna atos resep ka Raden Arjuna, Dewi Srikandi teh kabur ngadu ka Arjuna aya nu ngalamar anjeunna . Kusabab keheul Raden Arjuna ngajak Prabu Jungkungmardea tarung, kusabab teu saimbang akhirna Prabu Jungkungmardea gugur. Dewi Srikandi akhirna mah di tikah ku Raden Arjuna. 

Pas perang Bharatayuda lumangsung , Dewi Srikandi jadi panglima ngagantikeun Resi Seta nu gugur ngalawan Bhisma . Atanapi akhirna ma Bhisma kalah ngalawan Dewi Srikandi ku panah Hurusangkali ku sabab aya kutukan ti Dewi Amba nu nyumpah bade reinkarnasi ngabales dengdem anjeunna sabab di tampik cintana ku Bhisma. 

Akhirna khayat na ma Dewi Srikandi teh di patos ku Aswatama saatos perang Bharatayuda. 

Abdi oge bade nyaritakeun saeutik carita Dewi Srikandi nu versi India. Dicaritakeun Srikandi teh anak ti raja Drupada. Kawitna Dewi Srikandi teh namina Amba nu di tampik cintana ku Bhisma. Ngarasa di hina Dewi Amba tapa teras reinkarnasi jadi Dewi Srikandi. 

Srikandi teh dirawat ku rama na jadi lalaki sabab rama na ngadangu sora dewata. Srikandi kantos nikah sareng hiji awewe, kusabab pamajikan na uninga yen Srikandi teh awewe oge anjeunna di hina ku pamajikan na sorangan . Srikandi kabur ti karajaan pancala sabab ngarasa kahina ku pamajikan na anjeunna bade bunuh diri , atanapi gagal sabab saurang Yaksha ngabantu Srikandi ku cara  tukeuran gender sareng Srikandi. Jadi we Srikandi jadi lalaki sautuhna. 

Saatos ti kajadian eta kahirupan Srikandi leuwih bingah sabab anjeunna gaduh pamajikan sareng katurunan. Pas maot Srikandi balik barobah jadi awewe. Di perang Kuruseta Bhisma teh nyaho yen Srikandi reinkarnasi Dewi Amba jadi anjeunna teu ngalawan Srikandi, Arjuna nu aya di tukang Srikandi teu nyia-nyiakeun kasempetan ieu jadi anjeunna manah Bhisma , nu nyebabkeun Bhisma teu lila gugur.

Comments